Hakékat Kamerdékaan

Mun seug urang daék pirajeunan nalungtik sajarah ngeunaan ngadeg jeung runtagna bangsa-bangsa, tangtu bakal kapaluruh yén geus teu kawilang réana bangsa-bangsa nu kungsi kumelendang di ieu dunya. Contona baé, di buana Éropa baheula kungsi aya nu ngaranna bangsa Viking, bangsa Rumawi, bangsa Mésopotamia, anu dina jamanna masing-masing bangsa-bangsa éta kungsi nyorang kajayaan nepi ka bisa ngawasa bangsa-bangsa séjén di sabudeureunana. Di Jazirah Arab kungsi aya bangsa ‘Ad jeung bangsa Tsamud nu pohara adidayana. Di buana Amérika kungsi aya bangsa Inca jeung bangsa Aztéc, nu kungsi ngahontal peradaban nu kacida luhurna.

Kiwari, bangsa-bangsa anu tadi disebutan téa téh geuning geus teu aya dikieuna. Malah réa pisan bangsa-bangsa anu baheulana jaya, jaman kiwari geus teu ninggalkeun tapak-tapakna acan, lir anu henteu kungsi gumelar di dunya ieu.

Sabalikna ti nu tadi, loba ogé bangsa anu baheulana teu aya, kiwari malah jadi hiji bangsa nu adidaya. Waktu agama Islam mimiti gelar di dunya, can aya bangsa nu ngaranna Amérika, sabab bangsa ieu kakara aya saprak taun 1776 Maséhi, nya éta sanggeusna sélér-sélér bangsa Éropa nu darumuk di buana Amérika ngémbarkeun kamerdékaanana. Nya kitu deui, saratus taun katukang, di dunya ieu can aya bangsa nu ngaranna Indonésia, sabab bangsa Indonésia kakara aya sanggeusna sélér-sélér bangsa di wilayah Nusantara nu diwakilan ku Jong Ambon, Jong Java, Jong Sumatra, Jong Celebes, Jong Islamiten Bond, Jong Christian Bond, jeung réa-réa deui, dina tanggal 28 Oktober taun 1928 ngayakeun hiji kongrés nu ngalahirkeun Sumpah Pemuda, yén maranéhna sapuk ngabeungkeut diri jadi hiji bangsa nu ngaranna Indonésia. Tujuh welas taun ti harita, dina tanggal 17 Agustus 1945, bangsa nu kakara lahir ieu tuluy bisa ngawujudkeun kamerdékaanana, ngaleupaskeun diri tina penjajahan bangsa deungeun.

Cindekna, sajarah geus némbongkeun, yén di dunya ieu, ti waktu ka waktu bangsa-bangsa salawasna ngadeg jeung runtag. Kacida réana bangsa-bangsa alanyar nu ngaradeg. Tapi ogé teu kurang-kurang bangsa-bangsa nu baheulana jaya, tuluyna runtag sarta ilang sirna ti ieu dunya.

Bangsa-bangsa nu kumaha waé nu ditakdirkeun ngadeg nepi ka bisa ngahontal kamajuan demi kamajuan, sarta bangsa-bangsa nu kumaha waé nu ditakdirkeun kudu ancur burakrakan nepi ka nyorang kamusnaan, tangtuna penting pisan ku urang pikeun dikaji.

Salasahiji hasil tapakuran kuring ngeunaan hal éta, di antarana kieu:

Aya kalana, di lingkungan hiji bangsa tumuwuh adat jeung kabiasaan migawé kaalusan, silihséblok ku kahadéan, nyinglar kagoréngan bari ngupayakeun sangkan sipat-sipat goréng nu nyampak dina dirina bisa leungit saeutik demi saeutik. Dina ngalakonan hirup kumbuh jeung bangsa-bangsa deungeun, maranéhna nyonto adat kabiasaan hadé ti bangsa deungeun téa pikeun dilarapkeun jadi adat kabiasaan dirina. Mun ningali kagoréngan deungeun, maranéhna kalawan wijaksana ngajauhan bari méré naséhat ku cara lemes, sangkan sipat-sipat goréng nu nyampak di batur téa téh bisa kaoméan.

Bangsa anu nerapkeun adat kabiasaan saperti kitu beunang dipastikeun ti waktu ka waktu baris ngahontal kamajuan demi kamajuan. Lila-lila, sok sanajan saeutik demi saeutik, sagala kakurangan nu nyampak dina dirina bakal kaoméan, kahadéan-kahadéanana bakal nambahan. Dina ahirna, bangsa nu kieu tangtu bakal jadi hiji bangsa anu harkatna luhur.

Sabalikna ti éta, aya kalana di lingkungan hiji bangsa nyaliara adat jeung kabiasaan resep ngumbar kagoréngan, kajeun teuing batur ruksak asal sorangan senang. Lamun téa mah pirajeunan rék migawé hiji kahadéan, kacida pisan balitunganana. Sok ngarasa lebar méré kahadéan ka batur mun teu kaijir bakal aya piuntungeunana pikeun dirina. Dina campur gaul jeung bangsa deungeun, nu diala jeung diturutan téh lain sipat-sipat hadéna, tapi kalah resep niru-niru sipat-sipat goréngna, tuluy ngadon dilarapkeun dina dirina.

Bangsa anu adat kabiasaanana saperti kieu beunang dipastikeun baris nyorang kamunduran. Di lingkungan bangsa nu saperti kieu, kajahatan ti poé ka poé bakal beuki meuweuh. Panyakit-panyakit, boh panyakit rohani anu balukarna ogé bakal jadi panyakit jasmani, bakal beuki nerekab. Antukna, bangsa éta ngan tinggal ngadagoan waktu kana datangna adzab ti Pangéran. Boh ku mangrupa bencana alam, panyakit anu mahabu, pacogrégan jeung silih paéhan, atawa sajaba lianna.

Kiwari, bangsa Indonésia téh geus genep puluh genep taun lilana merdéka. Angka genep puluh genep ieu, ku urang bisa ditilik tina dua segi, nya éta tina segi kuantitas jeung tina segi kualitas.

Upama ditilik tina segi kuantitas, umur kamerdékaan bangsa urang téh lumayan geus cukup panjang. Leuwih panjang batan nagara-nagara berkembang lianna di Asia, saperti India, Pakistan, Malaysia, Singapur, atawa Vietnam. Bangsa Indonésia geus nyeuseup hawa kamerdékaan leuwih lila batan nagara-nagara tatanggana.

Tapi, lamun urang daék nilik tina segi kualitas, ieu angka genep puluh genep taun merdéka téh perlu dipertanyakeun. Naha kualitasna leuwih alus dibanding kualitas angka-angka sahandapeunana, saperti umur kamerdékaan Malaysia atawa Singapur? Geus nepi ka mana ari urang? Kaunggulan naon waé nu geus kahontal ku urang, mun seug dibandingkeun jeung nagara-nagara tatangga nu umurna leuwih ngora?

Lamun daék jujur, urang kapaksa kudu ngaku yén karaharjaan bangsa Indonésia kiwari téh jauh mela-melu di sahandapeun bangsa-bangsa tatangga. Kaayaan nagara Indonésia teu matak nyugemakeun, malah éstuning matak prihatin. Kajahatan meuweuh, panyakit mahabu, pagétréng jeung pabéntar paham di antara golongan masarakat geus jadi lalajoan sapopoé dina televisi. Teu boga toléransi kana béda-béda paham jeung kayakinan. Samalah, ku alatan keukeuh peuteukeuh hayang maksakeun sangkan paham sorangan kudu digugu ku nu lian, sabagéan masarakat tara sungkan-sungkan ngagunasika sabagéan golongan masarakat séjénna anu dianggap henteu sapamadegan jeung dirina. Komo mun nu teu sapamadegan téa téh bari dianggap golongan minoritas.

Padahal, ari kamerdékaan téh kapan hakékatna mah ni’mat duniawi nu geus dipaparinkeun ku Allah SWT ka bangsa Indonésia. Bari, lamun Allah SWT tos maparinkeun hiji ni’mat ka hiji kaom, ieu ni’mat moal dicabut deui satungtung éta kaom henteu ngarobah-robah dasar nu jadi alatan dipaparinkeunana éta ni’mat. Ieu téh lain ceuk kuring, tapi ceuk dina Quran surah al-Anfal ayat lima puluh tilu. Petikan ayatna kieu: “Allah samasakali moal ngarobah ni’mat nu geus dibikeun ka hiji kaom satungtung maranehanana henteu ngarobah-robah kaayaan diri maranehanana sorangan”.

Tina sajarah, urang terang yén nu jadi dasar kamerdékaan Indonésia téh taya lian ngabeungkeutna tékad sélér-sélér bangsa di Nusantara nu béda-béda ras, suku, paham jeung agama. Kamerdékaan Indonésia téh didasaran ku kabhinékaan anu tunggal ika, toléransi kana ayana pluralisme.

Lamun Pluralisme nu geus nyampak dina diri bangsa Indonésia téa ayeuna  rék ditolak jeung dirobah-robah, nya tinggal ngadago waktu wé ieu ni’mat kamerdékaan nu geus dipaparinkeun ka bangsa Indonésia ogé dicabut deui, sabab apanan ari dasar-dasar nu jadi sokoguru gumelarna bangsa nu ngaranna Indonésia ogé nya pluralisme téa.

Jadi rék kumaha atuh sikep urang? Naha rék keukeuh papaksa sangkan kahayang sapihak kudu diturut ku saréréa, atawa rék tetep nyekel pageuh kana toléransi kabhinékaan? Hayu, geura, urang lenyepan heula.  Kadé, ulah sok rurusuhan jeung ngagampangkeun ngaluarkeun fatwa.